Minggu, 07 Desember 2008

Ku Dhipa Galuh Purba
Asmarandana
Balaka sisi basisir
Mangsa mongkléng alam rasa
Malébér galura sono
Mupus nirca mangsa lawas
Catetan kungsi sasab
Basa raga tacan lawung
Méméh haté budal cinta
Ngarénjag pinuh kagimir
Neuteup angkeub semu melang
Lalakon sigana pondok
Tapak lampah ngudag-ngudag
Amarah ningker urang
Ngabebela hurung ngempur
Hamo pareum disimbeuhan
Kapaksa anjeun ngalengis
Bari lunta nyiar jalan
Nyingkahan pakéwuh manco
Muntang pageuh hajat cinta
Cimata ninggang taktak
Muru gerot alak paul
Jajap anjog katingtriman
Paneuteup kedal pasini
Bulan béntang kahieuman
Moékan laratan nyoro
Dina ranjang panganténan
Ngetrukeun rupa rasa
Najan tacan cunduk waktu
Ninggang mangsa dirapalan
Palagan napsu wiati
Bumi dogdag nulak bala
Karomah nutupkeun panto
Kari rénghap patémbalan
Doraka ririakanAti
manteng ka Nu Agung
Muga urang taya céda
Nyingkahan ngalambangsari
Anjeun sabar ngemu cinta
Meruhkeun galuring mopo
Meupeus peuting kebek bagja
Dibarung pangharepan
Mapag isuk reumbeuy imut
Urang leupas tina runtah

Tahajud

tahajud Sujud dina jempling peuting
Dumeuheus ka dampal Gusti
Misanding katuna diriMahluk laip nya awaking
Isinna, duh, teu kinten
Wantuning rumaos pisan
Sering talobéh nonggongan
Salira ngagupay héman
Abdi malieus nebihan
Dicaram diulah-ulah
Abdi kadon beuki betah
Nimbang-nimbang nu kasorang
Lampah jero kumelendang
Dosa sabudah lautan Amal hadé satangkeupan
Sumangga, duh, nyanggakeunRénghap napas kebek dunga Rahmat Gusti nu diseja

Hariring di tengah peuting

tuh diditu di tutugan gunung gunturpadumukan tempat kuring niis pikircur cor cai kahuripan upluk aplak pasawahantanah endah duh sarakan pangbalikanwaas mun di sawang ti ka angganganlembur singkur sisi gununghejo lempok tutuwuhankasilir angin ka hemanmipir pasir angin peuting ngahiliwirninggal lebak pakebonanpadataran asri pang lipur manahkaendahan mawa jauh panineunganwanci haneut moyan di pilemburankentrung lisung tutunggulanangin gunung nu ngusapansumerep na lelembutan

WENGI TADI

Basa peuting sepi jempling
aya asih anu weningteu kendat-kendat mielingnyarengan nyuuhna kening
basa wengi rehe comreaya rasa nyeleket na hateteu metu ku di parendeteu tiasa di engke-engke
jung nangtung,semu nu lanjungneuteup sieup bulan ngempur hurungsidakep dina bangbarungNyawang dzat nu maha Agung
tuh bentang barandangting kariceup lir maturangurilap-gugurilapanmiearang geura netepan
mega bodas ngahibaranbodas nyacas marindinganmindingan ku ka ihlasanRido alloh jadi tujuan
cur-cor cai pancurantiis nyecep ngiring masuhannyucikeun nu laip dirirek Mayunan gusti nu maha suci
Ahad,27 januari 2008Abdi nu nuju sedih kingkin tunggara rosamilari jalan pikeun nuju nu maha kawasa, dulur bantosa Abdi!….

CIPANON

CIPANON TEH CIPANON KASONO
CIMATA TEH CIMATA KATRESNA
MOAL GARING KU HARIRING
MOAL RAAT KU PAANGGANG
HAREPANTEH TETEP NEMBONGAN
KAHAYANG TEH KEUKEUH MATURAN
HAMO BISA DI AKALAN
HAMO BISA DI UBARAN
LAMUN URANG KEUR PAANGGANG
AYA JANGJI NU DUAAN
OMAT ULAH REK POHOAN
ABDI MOAL REK INGKAH BALILAHAN
RANGKULAN TEH PINUH KADEUDEUH
TANGKEUPAN PINUH KAHEMAN
MUGA URANG SATUJUAN
PIKEUN HIRUP BABARENGAN

Kagagas

PANGANTEUR
Yaa Alloh Gusti numaha suci, abdi nyahhareupkeun wajah abdi bari ngangkat kadua panangan abdi nyungkeun pangampura ka pangeran anu ngusik tur malikeun. Abdi rumaos hengker, fakir tur teu aya kakiatan anging ku pitulung Gusti, saestuna abdi miharep panyalindungan sareng welas asih Gusti. Yaa Alloh Hapunten tina sagala dosa Abdi, dosa ibu-rama abdi Sayangi anjeuna sakumaha Aranjeuna parantos mikanyaah tur mikadeudeuh ka Abdi tikawit alit, mugia Cucuran kesangna ngajantenkeun kabagjaan dunya rawuh akherat. Panjangkeun yuswana disarengan ku rizki nu halal, kakuatan iman sareng langkung soson-soson dina ibadah ngabaktikeun diri ka Gusti sareng pundut anjeuna dina husnul khotimah. Yaa Alloh Hapunten kulawarga sareng wargi-wargi abdi, pasihan kakiatan kanggo mayunan sagala rupi kahirupan dunya kangge bebenah pi bekeleun jaga. Tungtun abdi sadaya kana jalan nu di pikaridlo ku Gusti, aping abdi sadaya supados tiasa tumamprak narimakeun kana naon wae nu parantos di tangtoskeun ku Gusti, Yaa Alloh Gusti nu maha Suci teu aya deui tempat panyalindungan anging ti Gusti. Syukur Alhamdulillah buah tina soson-soson sareng ngalangkungan bantosan ti sadaya pihak, akhirna simkuring tiasa ngarengsekeun ieu karya luyu sareng waktosna, mugia janten panggeuing kangge diri Abdi supaya salawasna sadar yen hirup kawengku ku waktu kahalang ku mangsa nu nyerelek nguranngan umur jeung jatah hirup, renghap jeung kiceup hiji mangsa baris eureun. Duh……kacida pisan rugi tur hanjeluna diri mun geus ngajapapang jadi bugang. Ti sa semet ieu mah Abdi loba ngaji diri nafakuran badan sok sieun bengkung bekas nyalahan.· Limpahan rebu nuhun laksaketi kabingahan ka Bapa Sareng Ema nu parantos ngaping ngajaring, ku jasa anjeuna Duaan abdi tiasa reugreug tur sumanget dina ngambah kahirupan najan bari ti tatarajong abdi terus ngeureuyeuh ajeg pamadegan gede harepan dina hiji waktu bisa mulang tarima, numplekeun kanyaah jeung kadeudeuh kanu jadi Indung-bapa. Muga-muga dina mangsa Anjeuna duaan cueut kahareup tiasa nyaksian Abdi sukses bari sehat lahir batin. Yaa Alloh Kabulkeun sadaya do`a-do`a Abdi.· Ka sibungsu Siti Rohmah mudah-mudahan nikahna berkah janten keluarga anu sakinah oge kagungan katurunan anu Sholeh-Sholehah. Kade tong poho ibadah ruku sujud nu bisa janten obat tina sagala panyakit,da moal suda ku subaha leungit ku berewit sing sabar dina nyangharepan kasusahan jeung rereged hirup, tong poho syukuran mun meunang kabagjaan jeung kacukupan. Mun aya waktu luangkeun di ajar nyiar elmu, maca Qur`an, maca buku, datang ka pangaosan deukeutan jelema soleh ngarah aya pangenyed tina kagorengan. Kade longokan kolot penta piduana jeung do`akeun Anjeuna, meureun apal kolot teh tunggul rahayu tangkal darajat, sing sabar anaking…..hidep anak ema jeung bapa. Ka Nyi Idah oge hatur nuhun pisan kana sagala rupi kasaeannana. Kanyaah sareng kadeudeuh teh moal lipur kaibunan laas kahujanan mugi runtut raut suyunan. Abdi seueur ngeunteung ngaca yen bener rizki teh moal muncul ku dilamun datang ku dibayang sugan gubrag rezeki ti langit hasil tina nagkeup tuur, moall..sagala oge butuh pangorbanan jeung usaha, butuh kesang jeung tanaga karek bisa ngasaan hasilna. Sanajan sahuap sakopeun bagja pisan mun halal bari meunang jerih payah sorangan· Kum Kanggo Sadaya Wargi-wargi nu teu tiasa diwiji-wiji hatur nuhun kana sagala bantosannana oge hapunten bilih abdi seueur pisan kakirangan sareng kalepatan. Sanaos patebih tapi teu aya jarak kangge do`a-do`a. mugi urang sadayana di gampilkeun dina sagala rupi urusan. Ceuk pari basana jauh di jug-jug anggang di teang jeung dulurmah kudu silih anjangan pikeun ngaraketkeun kadeudeuh manjangkeun babarayaan sangkan silih asih dina silaturahim. Cenah lamun silih anjangan mah sok loba rezeki patumbu-tumbu “saeutik matak mahi loba matak sugema”.· Kanggo incu-incu abah jeung ema nu aya kana 18na mugi janten anak anu Sholeh-sholehah, janten mutiara hate kanu janten ibu-rama. Teuteup anteb pinuh harepan, tigih jangji ku kayakinan naratas jalan sorangeun mugia caang padang narawangan, hidep sadayana kembang harepan indung jeung bapa. Angin rintih mawa tingtrim kana ati, sorot socaning kalbu nyaangan anu poekeun. Nelengnengkeung……..nelengnengkung geura gede geura jangkung, gusti….mugia incu Abah jeung Ema sing cageur, bageur, pinter, bener tur singer Amiiin….· Pamungkas ka sobat-sobat abdi jono, fariz, cecep lir purnama ninggang mangsa abdi ngantosan kasumpingannana, sanaos kiwari urang pa anggang tapi hate mah tetep pa anjang-anjang, sok lah sing sehat sareng sukses sadayana. Atuh kanggo abdi sorangan nembe kapendak yen jalan hirup abdi teh seueur pisan salahna tibatan benerna. Omeanneun!!!! Bandung, 20 November 2007 Koko Komarudin GERENTES HATE Naratas jalan dina neuleuman sagara kahirupan tangtu boga udagan haying meunang kabagjaan lahir jeung batin, Teu aya jalma hirup nu teu boga cita-cita jeung harepan. Tapi dina ngahontalna loba pisan cucuk rungga, panghalang jeung cocoba. Mun keuna ka jelema hengker tur teu sabaran mah pasti loba putus asa ngarasula, tapi keur jelema nu teguh pengkuh leber wawanen bari di sanghareupan ku kasabaran mah pasti bakal tinekanan luyu jeung usaha katu kahusuan dina dua na. lempengkeun niat sampurnakeun ihtiar dina mancen tugas salaku kholifah Alloh di muka bumi prak hirup di ieu dunya, jaga, riksa jeung manpaatkeun sagala nu geus di sampakeun, tapi kade tong poho yen pangdangu, paningal, akal tur pikiran bakal di menta tanggungjawabna. Tong loba kasieun jeung kamelang hirup aya nu ngatur usik jeung malik teu weleh dijaga diriksa kun u maha Kawasa. Inget mangsa gubrag ka alam dunya, estuning lieuk euweuh ragap taya, teu jingjing teu bawa ngan bisa ngear ceurik teu daya teu upaya. Tapi ngaliwatan indung jeung bapa dicukup dahar pake ku kanyaah jeung kadeudeuh nu teu pamrih nepika gede jangkung jag-jag belejag nepi ka kiwari. Matak hirup ulah kalalanjonan kabawa ku sakaba-kaba ngalajur nafsu nu matak kaduhung badan baris katempuhan, sakapeung mah sok bruh-breh kalkuan sorangan nu teu luyu jeung aturan, teu cukup ku cimata miceun kaduhung sok era pisan, komo di payuneun Allah swt hina pisan diri teh. Bagjana masih keneh aya jatah hirup keur bebenah ngaromak kasalahan bari dibarengan ku tobat. Da lamun geus jadi layon mah meureun najan adug lajer ceurik getih ge moal bisa malikeun waktu, anging pitulung Allah Nu jadi harepan. Pon kitu deui ka papada jalma, kolot, dulur, baraya jeung tatangga asa sok ngarakacak ari ras loba pisan ceda jeung kasalahan, teu leungit ku narik napas panjang teu lipur ku renghap nu carang teu weleh ngalangkang marengan lengkah nu nolog neangan obor pikeun nepikeun cita-cita jeung harepan. KEMBANG HAREPAN Mangsa anjeun gubrag ka alam dunya, aya bulan tengah poe……naha enya?? Horeng the pameunteu anjeun anaking jimat awaking lir purnama ninggang mangsa. Dina sela-sela cimata ema aya hariring larasna teuing ku surup mawa tingtrim kana ati mawa bungah kana manah mawa cangra pangharepan kareueus ema ka bagja bapa awor jadi hiji bareng jeung nyacasna du`a Yaa Alloh jantenkeun ieu putra anu sholeh, luhung ku elmu jembar pangabisa, jadi jelema guna pikeun bangsa, nagara jeung agama.Ngahaja ieu lalakon teh di mimitian ti mangsa kuring tamat sakola SMP asa kacida lewang tur waasna mun di guar ti saingetmah lain teu narimakeun kana nasib diri bagja awak tapi sok ambon era sorangan pang-pangna mah loba pisan gorengna aneprok salah emok anekak salah sila, keun weh mangsa eta mah urang simpen sing paringpen pi eunteungeun simkuring keur ngawangun ka dewasaan anu leuwih hade, hade laku hade lampah, tata-titi duduga-peryoga. Salam pang wanoh wasta pun Koko Komarudin teu karasa ayeuna mah geus leuwih 20 taun umur teh asa teu karasa pisan betah teuing hirup di dunya meureun. Kahayangmah ditambahan ngaran teh ku Dr,Ir Med atawa nu liana. Bagja pisan kuringmah lantaran masih keneh boga kolot najan geus rarempo cueut kahareup ge masih keneh belejag, najan hirup basajan kaitung loba kakurang oge teu weleh imut di pahing pisan aral subaha, estuning sabar tur sumanget nyiar rezeki sangkan dapur bisa ngebul. Dulur oge loba aya kana sapuluhna, kuring ka dalapan, jadi boga lanceuk tujuh jeung adi dua. Ceuk baturmah beunghar cenah, da enya mun dina mangsa ngumpul teh eor pisan ku incu abah anu geus leuwih ti salosin. Tapi nyeta dulur kuring nu sakitu lobana teh euweuh pisan nu jujur sakola, lain teu boga kahayang tapi ninggali kaayaan harita bisa dahar ge geus untung. Najan teu sakola luhur ge Alhamdulillah ku pidu`a jeung pangaping pangjaring tin u jadi kolot kabehannana cageur bageur, runtut raut sauyunan taya pacengkadan boh jeung dulur kitu deui jeung batur.Gilig niat buleud tekad rengse sakola SMP teh kuringmah hayang terus sakola kajeun eureun heula keur nyiar waragadna asal tumekanan we, lain gelar nu jadi udagan lain harta nu jadi tujuan tapi kuring hayang boga pamuntangan keur nyanghareupan tarahalna kahirupan bari boga pibekeleun keur mangsa nu bakal datang, euweuh nu bisa di harepkeun ti ieu dunya anging kasalametan jaga di akherat. Komo bagja pisan mun bisa ngahormat tur bisa ngangkat darajat nu jadi kolot, da lamun teu ku anakna rek ku saha deui. Tilu bulan kuring ngambang nyeungceum cita-cita nu ampir lungse ku hariwang sieun teu kalakonan. Teu puguh cabak cicing di imah sok hayang amek teu pupuguh sok karunya ka kolot nu jadi korban.harita mah boga kahayangteh kur bisa ngalamun jeung nga hayal can ngarti kana hartina Dua jeung usaha. Harita poe jumaah taun 2000 teuing tanggal sabaraha jeung bulan naon poho deui, geus saminggu kuring pundung teu balik ka imah, atuh ngoroyot ema nyusul bari kunang iteuk, teu ambek malahan mah dumareuda ngajak kuring balik era ku batur cenah luntang lantung teu puguh, lantaran masih keneh aya ka keuheul kuring rada mugen, beuki lila sora ema beuki beurat pegat-pegat, kareret ku juru panon aya nu ngunclang herang merebey mapay pipi, sing horeng ema ceurik, teu ka ampeuh piceurikeun bari tungkul kuring ngelehan maneh balik ka imah. Isuk na kurung di bawa ka bandung ku tatangga nu biasa sok mawa pagawe keur di imah nu beunghar,teu wani sorangan atuh indit teh duaan jeung kapi adi. Saminggu kuring di bawa kukurilingan di tatawarkeun, tapi can aya wae nu daek ngampihan, baju dekil suku teu puguh rupana, komo beuteung mah geus gogorowokan menta eusi, sedengkeun duit geus ledis teu aya saperak-perak acan, nalangsana hayang ka cai wae kudu mayar jadi sok ripuh nahan hayang miceun jeung kahampangan, palias ngalaman kadua kalian…..ari inget ka imah sok nyantel hayang geura mulang. Di lemur soranganmah loba pentaan neun euweuh di kolot sorangan ka lanceuk atawa bibi.tapi sok ngadak-ngadak teger deui mun inget kana maksud jeung tujuan, kana harepan jeung kabagjaan, keun ayeuna ngalaman nyeri peurih sugan jadi kabagjaan dina mangsa nu bakal datang. Akhirna kuring meunang gawe saimah duaan asa bungangang the pipikiran ari duaan mah salian ti moal cape teuing mun aya nanaon oge aya pakumahaan neun. Ngan sabulan dugawe teh kabeneran indit ti lembur teh bulan rewah ge geus leuir. Sajeroning dig awe cicing dina curuk batur loba pisan suka-dukana nya ngaran na ge cicing di imah batur bari bolon keneh remen pisan di carekan. Tangal 28 puasa kuring ngawani-wani maneh bebeja rek balik ka dunungan.teu sabar hayang geura meuli calana PDL hasil kesang sabulan, da geus sababaraha lebaran kuring juuh cimata lain balas menta di hampura tapi teu ka bedag baju dulag jiga batur.ari cerelek teh dunungan mere duit Rp.100.000 duaaneung najan bari medenghel teu loba omong buru-buru duit the di ampihan. Peutingna indit ka tegal lega rek meuli baju nikreuh da duit na pas-pasan sieun teu mahi, lieur duit saeutik hayang pake anu alus, sanggeus ripuh kukurilingan ahirna ka peutingna keun meunang calana PDL nu heuras pang murahna, lumayan keur ngubaran kacape jeung katugenah dina sabulan. Dina perjalan balik awakmah diuk dina mobil tapi pikiran mah ngalayang jauh panineungan rus-ras kaditu kadieu, di barung ku aworna kasono aya nalangsa minuhan dada, teu kuat piceurikeun nyelek dina angen tapi di tahan sateker kebek sieun budal era ku batur.NYAMBUNG………….

Aki lomri

Dimumunggang gunung langit lenglang taya aling-aling,panon poe nyorot seukeut nembus emun-emunan,hiliwir angin matak tingtrim kana ati merenah kana manah,pang rerep bayeungyang nuuskeun awak nu lamokot ku kesang.euweuh nu wani ngulampreng boh budak boh kolot,estuning simpe marengan panasna poe.hawar-hawar sora adan,lain ku jauh tapi sapiker na anu geus butut sorana lup-lep bari ngerebek komo nu adan teh aki-aki,aki lomri ngaranna,pupuhu lembur nu imahna teu jauh ti masjid da sasatna masjid the keur ki lomri mah ibarat imah ka dua,heueuh ari kitu mah da maneh na the geus tara kamamana pisan iwal ti turun ti imah asup ka masjid,turun ti masjid asup ka imah.tapi najan geus cetuk huis tanna ning cueut ka hareup tapi sumanget mah ngagedur keneh katinggali tina paroman jeung ucapan nana,ceuk pari basa mah ki lomri teh, legok tapak genteng kadek loba pisan pangalamannana.katinggali ari ngubaran nu gering,ku kersaning Alloh da sok sa ciduh metu sa kedet netra jampe nateh ampuh pisan teu heran mun di pika kolot ku sarerea. Mun datang waktu sholat ki lomri geus camperego di paimaran bari ngome sapiker nu geus umuran,cenah mah eta sapiker teh hadiah ti Presiden soeharto baheula ki lomri ge bujangan keneh. Matak teu aneh mun sorana jiga batuk nu tbc.saban poe ge si aki nu adan the tara pisan aya nu nga genti da sakalieun si aki nyaba atawa teu ngarareunah awak.masjid oge simpe euweuh nu daekeun adan teuing kumaha jeung kunaon.jiga poe ieu adan geus ampir rengse tapi can aya nu datang rek milu sholat merjamaah jeung si aki, teuing kamarana. Teuing can daratang kasab teuing carapeeun.malahan mah pareng kuring ngurilingan lembur teh sok katinggali adan adan nu nyaliksik beuki asik nu salisiaran beuki rame di tabeuh ku obrolan ngaler-ngidul teu puguh jujutan nana.aya oge nu nga baheuhay bari hahariringan handapeun tangkal ngiuhan.sakapeung mah si aki the sok ngalelengkut nepi ka kasarean ngadagoan batur, atuh antuk na mah si aki ge sholat lohor kaporotan geus asup wanci asar atawa mega beureum geus ngahibaran lantaran ka sarean tea,Antos Sambungan nana !!!

PURNAMA @lam: Lembur singkur

http://purnamacaang.blogspot.com/2008/12/lembur-singkur.html

Lembur singkur

Mun percanten nami lembur abdi mah "Cibutut" duka naon sasakala na.ngan pas rek nepi ka eta lembur,urang bakal meuntas heula kana wahangan leutik nu nelah na wahangan ci butut.sok sanajan leutik tapi eta wahangan teh tara saat sanajan usum halodo panjang oge.malah mah mun nincak usum halodo ampir kabeh urang dinya mah ka cai na teh ka wahangan ci butut.sabagian gede lembur cibutut mah pasawahan,ngan nungturun jiga tangga,waas mun keur usum ngagaru sok pating gorowok sili tawaran tumpeng.belah wetan nya aya gunung katomas,belah kidul aya gunung kasumba,belah kaler aya guling ipah, tah lamun guling ipah mah gunung na teu pati luhur,siga pasir kitu lah cenah mah baheula na aya nini ipah ti guling keur ngala seureuh nepi ka maotna. ti harita katelah weh guling ipah.mun pareng panon poe surup sok hibar beureum palebah gunung cilimbung,handap na teh laut sancang nu katelah aheng.tapi ker kuring mah biasa wae da ges sa taneuh sa cai.

Wilujeng Angkat

Inget keneh basa anjeun leumpang lalaunan,taya kecap nu kaluar ti anjeun taya reret nu marengan anjeun,kesang bajra geus lumeet dina tarang nu semu pias.teu kaampeuh piceurikeun,tapi satekah polah kuring nahan supaya nu gering teu pati hariwangeun.lalaunan anjeuna neuteup anteb bangun nu sono pisan,gelenyu imut nu matak deungdeuleueun.teu lila reret na maju kagigir terus kaluhur lir aya nu dipaluruh."Asyhaduanlaa ilaa ha Illalah" Bapa kuring ngucap bari di amprok keun sora na kana cepil nu ngagoler,kuring can ngarti yen Dulur kuring teh keur sakarat,harita kuring karek kelas 6 SD,tapi geus lila teu panggih jeung anjeuna teh,sabab ti tas lebaran taun kamari anjeuna nyaba ka kota nyiar gawe.ayeuna kuring di panggih keun deui malem takbiran bari kaayaan di rumah sakit,cenah mah lanceuk kuring teh boga panyakit LIVER.kuring ngan bisa ngaharogo bari sono,can cacap numplekeun kadeudeuh jeung kasono anjeuna kalah ngantunkeun,duh meni wararaas maleman takbiran kuring,bapa,paman jeung dulur kuring kudu mulasara layon di rumah sakit.kadenge ti masjid-masjid sora takbiran.najan budak keneh kuring asa ngaleketey hate nyaksian bapa nu rembay cimata bangun nu sedih naker.sanggeus uras-urus hieng kadenge sora ambulan,tuluy kuring naek di barengan ku nu kemit jeung patugas rumah sakit,teu kabayang pi sakumahaeun sedih na indung kuring.da harita mah can aya HP jadi teu bisa nga SMS.

Hujan ngaririncik di barengan ku guludug na cileuncang,kilat buburinyayan basa kuring nepi ka lembur,asa teu wasa nyaritakeun na ge,ti jalan layon teh di gotong ka imah.deudeuh teuing indung kuring nu ngarumpuyuk teu walakaya teu inget di bumi alam,eling deui soteh sanggeus di tarekahan ku ajengan bari di upahan ku bapa,kuring mah ngan bisa hulang-huleng we teu puguh cabak.hanjakal harita kuring can bisa nyolatkeun mayit,mun geus bisa mah hayang da jadi imama na. Wilujeng Angkat....... mugia caang alam pakuburan di barengan ku karidloan Allah,abdi nu jadi adi ngan bisa ngaduakeun,hampura can bisa mulang tarima kana sagala kasaean Anjeun...
salaku pituin urang sunda simkuring ngaraos reueus,lian ti rahayat sunda nu ramah estuning someah darehdeh,urang sunda ge kagungan basa anu kacida jembar na,meh weh teu aya nu tiasa ngabandingan kana kajembaran basa sunda mah,rea pisan undak usuk na.dina kahirupan sapopoe loba pisan unggaran anu di saluyu keun jeung umur saha nu ngomong jeung saha nu di ajak ngomong,kumaha ka kolot,kumaha ka saluhureun jeung kumaha ka sahandapeun.salian ti eta basa sunda oge loba pisan nu teu bisa di tarjamah keun kana basa sejen,boh basa indonesia atawa basa lain.lamun urang remen ngilikan kana jam oge urang sunda mah ngabogaan lanian masing-masing ti jam 12 beurang nepi ka jam 12 beurang deui estuning ngabogaan ngaran sorangan.geura urang runut ti mimiti
jam 12.00 di sebut "Tengah Poe"
jam 13.00 di sebut "Lingsir ngulon"
jam 14.00 di sebut "Kalangkang satangtung"
jam 15.00 di sebut "Mengok"
jam 16.00 di sebut "Tunggang Gunung"
jam 17.00 di sebut "Sariak layung"
jam 18.00 di sebut "Surup atawa sareup na"
jam 19.00 di sebut "Harieum Beungeut"
jam 20.00 di sebut "sareureuh budak"
jam 21.00 di sebut "Tumoke"
jam 22.00 di Sebut "Sareureuh kolot"
jam 23.00 di sebut "Indung Peuting"
jam 00.00 di sebut "Tengah peuting"
jam 01.00 di sebut "Tumorek"
Jam 02.00 Di Sebut "Janari Leutik"
Jam 03.00 di sebut "Janari Gede"
jam 04.00 di sebut "Kongkorongok hayam"
jam 05.00 di sebut "Balebat"
Jam 06.00 di sebut "Carangcang tihang"
jam 07.00 di sebut "Meletek Panon Poe"
jam 08.00 di sebut "Ngaluluh Taneuh"
Jam 09.00 di Sebut "Haneut Moyan"
jam 10.00 di sebut "Rumangsang"
jam 11.00 di sebut "Pecat sawed"