Minggu, 07 Desember 2008

Ku Dhipa Galuh Purba
Asmarandana
Balaka sisi basisir
Mangsa mongkléng alam rasa
Malébér galura sono
Mupus nirca mangsa lawas
Catetan kungsi sasab
Basa raga tacan lawung
Méméh haté budal cinta
Ngarénjag pinuh kagimir
Neuteup angkeub semu melang
Lalakon sigana pondok
Tapak lampah ngudag-ngudag
Amarah ningker urang
Ngabebela hurung ngempur
Hamo pareum disimbeuhan
Kapaksa anjeun ngalengis
Bari lunta nyiar jalan
Nyingkahan pakéwuh manco
Muntang pageuh hajat cinta
Cimata ninggang taktak
Muru gerot alak paul
Jajap anjog katingtriman
Paneuteup kedal pasini
Bulan béntang kahieuman
Moékan laratan nyoro
Dina ranjang panganténan
Ngetrukeun rupa rasa
Najan tacan cunduk waktu
Ninggang mangsa dirapalan
Palagan napsu wiati
Bumi dogdag nulak bala
Karomah nutupkeun panto
Kari rénghap patémbalan
Doraka ririakanAti
manteng ka Nu Agung
Muga urang taya céda
Nyingkahan ngalambangsari
Anjeun sabar ngemu cinta
Meruhkeun galuring mopo
Meupeus peuting kebek bagja
Dibarung pangharepan
Mapag isuk reumbeuy imut
Urang leupas tina runtah

Tahajud

tahajud Sujud dina jempling peuting
Dumeuheus ka dampal Gusti
Misanding katuna diriMahluk laip nya awaking
Isinna, duh, teu kinten
Wantuning rumaos pisan
Sering talobéh nonggongan
Salira ngagupay héman
Abdi malieus nebihan
Dicaram diulah-ulah
Abdi kadon beuki betah
Nimbang-nimbang nu kasorang
Lampah jero kumelendang
Dosa sabudah lautan Amal hadé satangkeupan
Sumangga, duh, nyanggakeunRénghap napas kebek dunga Rahmat Gusti nu diseja

Tidak ada komentar: