Minggu, 07 Desember 2008

Aki lomri

Dimumunggang gunung langit lenglang taya aling-aling,panon poe nyorot seukeut nembus emun-emunan,hiliwir angin matak tingtrim kana ati merenah kana manah,pang rerep bayeungyang nuuskeun awak nu lamokot ku kesang.euweuh nu wani ngulampreng boh budak boh kolot,estuning simpe marengan panasna poe.hawar-hawar sora adan,lain ku jauh tapi sapiker na anu geus butut sorana lup-lep bari ngerebek komo nu adan teh aki-aki,aki lomri ngaranna,pupuhu lembur nu imahna teu jauh ti masjid da sasatna masjid the keur ki lomri mah ibarat imah ka dua,heueuh ari kitu mah da maneh na the geus tara kamamana pisan iwal ti turun ti imah asup ka masjid,turun ti masjid asup ka imah.tapi najan geus cetuk huis tanna ning cueut ka hareup tapi sumanget mah ngagedur keneh katinggali tina paroman jeung ucapan nana,ceuk pari basa mah ki lomri teh, legok tapak genteng kadek loba pisan pangalamannana.katinggali ari ngubaran nu gering,ku kersaning Alloh da sok sa ciduh metu sa kedet netra jampe nateh ampuh pisan teu heran mun di pika kolot ku sarerea. Mun datang waktu sholat ki lomri geus camperego di paimaran bari ngome sapiker nu geus umuran,cenah mah eta sapiker teh hadiah ti Presiden soeharto baheula ki lomri ge bujangan keneh. Matak teu aneh mun sorana jiga batuk nu tbc.saban poe ge si aki nu adan the tara pisan aya nu nga genti da sakalieun si aki nyaba atawa teu ngarareunah awak.masjid oge simpe euweuh nu daekeun adan teuing kumaha jeung kunaon.jiga poe ieu adan geus ampir rengse tapi can aya nu datang rek milu sholat merjamaah jeung si aki, teuing kamarana. Teuing can daratang kasab teuing carapeeun.malahan mah pareng kuring ngurilingan lembur teh sok katinggali adan adan nu nyaliksik beuki asik nu salisiaran beuki rame di tabeuh ku obrolan ngaler-ngidul teu puguh jujutan nana.aya oge nu nga baheuhay bari hahariringan handapeun tangkal ngiuhan.sakapeung mah si aki the sok ngalelengkut nepi ka kasarean ngadagoan batur, atuh antuk na mah si aki ge sholat lohor kaporotan geus asup wanci asar atawa mega beureum geus ngahibaran lantaran ka sarean tea,Antos Sambungan nana !!!

Tidak ada komentar: