Minggu, 07 Desember 2008

Wilujeng Angkat

Inget keneh basa anjeun leumpang lalaunan,taya kecap nu kaluar ti anjeun taya reret nu marengan anjeun,kesang bajra geus lumeet dina tarang nu semu pias.teu kaampeuh piceurikeun,tapi satekah polah kuring nahan supaya nu gering teu pati hariwangeun.lalaunan anjeuna neuteup anteb bangun nu sono pisan,gelenyu imut nu matak deungdeuleueun.teu lila reret na maju kagigir terus kaluhur lir aya nu dipaluruh."Asyhaduanlaa ilaa ha Illalah" Bapa kuring ngucap bari di amprok keun sora na kana cepil nu ngagoler,kuring can ngarti yen Dulur kuring teh keur sakarat,harita kuring karek kelas 6 SD,tapi geus lila teu panggih jeung anjeuna teh,sabab ti tas lebaran taun kamari anjeuna nyaba ka kota nyiar gawe.ayeuna kuring di panggih keun deui malem takbiran bari kaayaan di rumah sakit,cenah mah lanceuk kuring teh boga panyakit LIVER.kuring ngan bisa ngaharogo bari sono,can cacap numplekeun kadeudeuh jeung kasono anjeuna kalah ngantunkeun,duh meni wararaas maleman takbiran kuring,bapa,paman jeung dulur kuring kudu mulasara layon di rumah sakit.kadenge ti masjid-masjid sora takbiran.najan budak keneh kuring asa ngaleketey hate nyaksian bapa nu rembay cimata bangun nu sedih naker.sanggeus uras-urus hieng kadenge sora ambulan,tuluy kuring naek di barengan ku nu kemit jeung patugas rumah sakit,teu kabayang pi sakumahaeun sedih na indung kuring.da harita mah can aya HP jadi teu bisa nga SMS.

Hujan ngaririncik di barengan ku guludug na cileuncang,kilat buburinyayan basa kuring nepi ka lembur,asa teu wasa nyaritakeun na ge,ti jalan layon teh di gotong ka imah.deudeuh teuing indung kuring nu ngarumpuyuk teu walakaya teu inget di bumi alam,eling deui soteh sanggeus di tarekahan ku ajengan bari di upahan ku bapa,kuring mah ngan bisa hulang-huleng we teu puguh cabak.hanjakal harita kuring can bisa nyolatkeun mayit,mun geus bisa mah hayang da jadi imama na. Wilujeng Angkat....... mugia caang alam pakuburan di barengan ku karidloan Allah,abdi nu jadi adi ngan bisa ngaduakeun,hampura can bisa mulang tarima kana sagala kasaean Anjeun...

Tidak ada komentar: